作曲 : Raida EEEE banondari anu dénok anu montok Matak moho matak pogot Anu geulis mani amis, nu éndah matak kabita duh euis Ngan hanjakal eulis teh henteu kaopan Gampil bendu mun kasinggung perasaan Tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni nyoroscos Céréwéd lir manuk toéd duh darling…. Najan kitu diri nyai tetep narik Imutna matak kapincut, ilatna matak tibelat Lambey ipis lir kuéh lapis, mun digégél tangtu amis Aduh tobat geulis….   Asolali asolali……. Wa owa eng Engkang sembaheun abdi, Narpati nu gagah sakti Engkang téh jago ngarayu percéka mikat Wanita Teu perduli aya nu boga, engkangg….   Di dunya taya duana pameget anu kawas engkang Waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung Purah ngudag-ngudag bikang, aduh engkang…..   Diraksukan ku henteu matut, dilancingan ogé randutdut Kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong Aduh engkangg…. ee… banondari ulah kitu cinta engkang téh saéstu lain cinta imitasi tapi cinta nu sajati cinta engkang mah teknologina canggih, geulis!   Cinta engkang dijamin moal rek luntur Cintaku hanya untukmu Dunya brama teu kabilang, nendeun duit di unggal bank Emas inten golondongan, kop kabeh eta keur nyai…. Bisi hayang pelesiran langlang jagat Bari shoping ka unggal nagara Ka Jepang rejeng ka Hongkong Ka New York rejeng ka Paris Atawa rék ka Cilincing Pék atuh geura balaka, kahayang pasti aya Asal bener cinta ka akang Aduh tobat geulis…. Asolali wa owa eng……… Engkang…. Engkang téh geningan bodo, ngarayu carana kuno Nyombo bari ngolo-ngolo Engkang…..   Cinta sanés komoditi, teu bisa dibeuli-beuli Najan ayeuna keur tréndi Atawa ditawar-tawar, najan dibayar ku dollar Abdi mah da henteu hayang Aduh engkang playboy, aduh playbpy, aduh playboy Engkang…..   Pameget mah dimana-mana gé sami Eukeur bogoh sok kokorowot Eukeur geugeut keukeureuweut Mun can beunang panasaran Engkang panasaran