Mapay jalan satapak ngajugjug ka hiji lembur Henteu bari kacape sabab aya nu diteang Hujan angin dor dar gelap taya pisan keur nyiuhan Sanajan awak rancucut beut asa karunya teuing Pajar cenah asal nepi ka tempat anu di tuju Rek ngalongok mawar bodas teupang nu jadi impian Sugan tea moal gagal kembang teh aya nu boga Balik ge jiga haleuang lempangna jiga ngalayang Teu ditebak ti anggalna, teu dipikir titadina Anjeun ulah nyeri hate lantaran ta can pasini Neangan pipanyakiteun... Neangan pipanyakiteun... Mapay jalan satapak ngajugjug ka hiji lembur Henteu bari kacape sabab aya nu diteang Hujan angin dor dar gelap taya pisan keur nyiuhan Sanajan awak rancucut beut asa karunya teuing Pajar cenah asal nepi ka tempat anu di tuju Rek ngalongok mawar bodas teupang nu jadi impian Sugan tea moal gagal kembang teh aya nu boga Balik ge jiga haleuang lempangna jiga ngalayang Teu ditebak ti anggalna, teu dipikir titadina Anjeun ulah nyeri hate lantaran ta can pasini Neangan pipanyakiteun... Neangan pipanyakiteun... Teu ditebak ti anggalna, teu dipikir titadina Anjeun ulah nyeri hate lantaran ta can pasini Neangan pipanyakiteun... Neangan pipanyakiteun...